Thursday, November 13, 2008

Sasih Kalima di Nagri Jiran (Puisi berbahasa sunda)


Kedah - Malaysia, November 13, 2008

18.05 waktos Malaysia




Teu karasa poe nyerelek ting kolebat

Wanci ganti.....

Peuting jeung beurang ngajajap kuring

Ngudag kahayang hate anu suci

Neangan elmu di bumi jiran

Ngantunkeun kakasih hati

Teu karaos, cimata nyaclak

Inget ijab qobul anu teges diucap ku manehna

Janji kanu Kawasa, yen rek janji satia sahirup samati

Nincak bulan kalima di dieu...

Hate nyimpeun kasono

Sono anu suci

Kanu jadi salaki

Cimata kadua nyaclak….

Inget kanyaah manehna

Anu tulus tur yakin

Ayeuna kuring....

Kudu ninggalkeun manehna....

Duh Gusti....

Kuring sakitu deudeuhna

Kuring geus ikhlas hirup jeung manehna

Kuring geus netepkeun hate, manehna jalma anu soleh

Soleh keur dirina...

Soleh keur kulawargana....

Tangtu Soleh keur bojona...

Kakasih Aa

”D”

No comments: