Friday, November 14, 2008

PANGALAMAN KURING KULIAH DI NAGRI JIRAN (MALAYSIA) Dalam Bahasa Sunda


































Program Master of Business Administration Tourism and Hospitality Management, Universiti Utara Malaysia

Teu karasa wanci mani asa nyerelek. Geus lima bulan kuring di dieu tepatna di Nagara bagian Kedah-Malaysia Utara. Minangka na mah keur neangan elmu jang bekeul hirup kulawarga anu dipikaridho ku Allah SWT. Kuring alhamdulillah narima beasiswa jeng tujuh babaturan nu lainna. Pengalaman anu endah kalayan reueus ningali nagara batur anu leuwih maju di bandingkeun jeung nagara sorangan. Nagara Malaysia geus mintonkeun kahebatan dina sagala bidang kahirupan, boh teknonlogi, pendidikan jeung bidang-bidang lainna. Teu aneh lamun ayeuna loba urang Indonesia anu keur neangan elmu di tingkat sarjana, pasca sarjana jeung Doctor di Malaysia, padahal baheula mah ceunah orang Malaysia anu sarakola ka Indonesia.

Teu Nyangka kuring bisa ngarasakeun kaendahan tur kamajuan nagara tatangga urang, Malaysia. Jalma-jalmana saromeah, balageur tur saropan. Kuring ngarasa beutah didieu. 28 Juni kuring jeung tujuh babaturan saperjuangan anu narima beasiswa ti DEPDIKNAS, ngawakilan Universitas Sahid Jakarta pikeun neruskeun Double Master di bidang Pariwisata. Mun ceuk urang mah double master teh titelna aya dua, nuhiji Master Management, nu hiji deui Master of Business Administration . Kuring mah lain ku hayang-hayang teuing ku gelar atawa titel, ngan hayang ngarasakeun sakola di luar nagari teh jiga kumaha. Alhamdulillah Allah ngaijabah doa kuring indit ka nagara tatangga pikeun nyiar elmu nu kudu di manfaatkeun keur kaharipun dina waktu engke.

Ayeuna, kuring karek rengse final exam atawa ujian akhir. Sarengsena ujian hate ngarasa jongjon ceuk kolot baheula mah lir ibarat bisul geus bucat, bebas euy! Kuliah di dieu teu bisa nyantai kawas di Indonesia. Lamun tugas kudu on time, teu menang henteu. Eweuh nu ngaran tugas-tugas telat, forget to submit, terus ngomong ka dosen ”maaf, Pak/bu tugas saya nanti minggu depan”. Lamun gaya urang jiga kitu, geus tong ngahareup lulus kuliah, mending balik bae ka lembur babantu Ema atawa Bapak di sawah. Jadi inget hiji kalimat dina pupuh Maskumambang lamun teu salah kieu: ”Ulah lalawora, bisi engkeu henteu naek”. Tah eta mereun nu dimaksud, yen sakola teh kudu beneur, lain ngan saukur gagayaan wungkul.

Bahasa nu dipake di dieu nyaeta bahasa Inggris, utamana keur kuliah. Tapi lamun sahari-hari mah biasana make bahasa Melayu (Malaysia) atawa Indonesia. Dina bahasa Indonesia saenggeus di perhatikeun loba harti anu sarua jeung bahasa Malaysia. Tapi, keu heula ulah waka sakadaek ngucapkeun sagala bahasa Indonesia jeung orang Melayu, cilaka! Aya sababaraha hiji anu ucapanna sarua tapi hartina jauh pisan. Anu paling ngerakeun mah, lamun keur ngobrol di masjid jeung orang Melayu, tapi kanyataana eta kecap ngandung harti anu beda. Nu aya silih sueri. Salah sahiji conto, tong nyoba-nyoba nyebut kecap ”butuh” di malaysia sabab hartina ”alat vital manusa” (Punteun nya). Lamun ngadenge kecap ”seronok’ geus tangtu kana pikiran urang hartina ”mesum”. Di dieu ”seronok” hartina ”bungah alias gumbira”. Nu leuwih aneh deui, lamun urang ningali iklan-iklan sapanjang jalan aya kalimat saperti kieu ” Kita melayani pelanggan harus penuh dengan kemesraan”. Tong negatif heula pikiranna kemesraan didieu hartina”ka pelanggan kudu someah” .

Conto diluhur mangrupakeun hiji kanyataan yen urang kudu hati-hati dina ngecapkeun hiji maksud, ceuk bahasa kerenna mah ambeh teu ”misunderstanding” alias salah paham. Can katambah salah paham lamun urang keur ngobrol jeung babaturan ti nagara lain. Di asrama tempat kuring cicing, loba mahasiwa ti nagara Cina, India, Arab, Afrika. Tempat kuliah kuring di Universiti Utara Malaysia, salah sahiji syarat bisa asup nyaeta lulus bahasa Inggris. Lamun can bisa bahasa Inggris, aya kelas khusus kurang leuwih sataun ajang nyiapkeun kamampuan komunikasi bahasa Inggris. Alhamdulillah kuring jeung babaturan nu tujuh, teu ngarasa bahasa Inggris jadi panghalang komunikasi. Salah-salah saeutik mah, wajar lah bisa dimaklum ku balarea. Kuring di dieu ngarasa bersyukur ka Allah, elmu kuring waktu S1 di IKIP Jakarta (Ayeuna UNJ/Universitas Negeri Jakarta) lantaran jurusan kuring pendidikan Bahasa Inggris, ayeuna tangtu elmuna kapake pisan. Tugas-tugas kudu ditulis bahasa Inggris, presentasi nya kitu deui. Kagiatan di jero kelas jeung dosen oge, wajib ngomong bahasa Inggris.

Kalayan kitu, kuring tetep ngarasa kudu leuwih loba latihan, loba tugas-tugas essay anu ngabutuhkeun elmu bahasa Inggris anu hade dina grammar, vocabulary, atawa tenses anu saluyu jeung maksud urang dina ngarangkai tulisan. Indah, orang Padang babaturan sakamar kuring, kadang sok stress sorangan sabab mikiran bahasa Inggrisna nu kurang alus. Padahal mah teu goreng-goreng teuing, nu penting bisa komunikasi. Urang ge kudu nyadar yen bahasa Inggris lain bahasa urang sapopoe, kukituna kasalahan sauetik-eutik mah wajar pisan.

Aya hiji mata kuliah anu matak deug-deugan ka sararea, nyaeta The policy and Planning in Tourism Development(Kabijakan jeung perencanaan dina Perkembangan Pariwisata). Ceuk beja eta dosen hade pisan, eweuh tandinganana, saha –saha mahasiswa anu kapanggih plagiat kuer tugas, moal mikir panjang deui si dosen moal ngaluluskeun. Ngadenge carita kitu kuring jeung babaturan nu tujuh kudu tatan-tatan diri. Ceuk pikir, tangtuna plagiat teh geus kaasup kriminal dina penulisan karangan ilmiah, jadi asa wajar lamun dosen ge teu panuju kana eta plagiarism. Kukituna, kuring kudu positive thinking ka eta dosen. Lain professor lamun manehna teu pinter. Poe kahiji asup kuliah kelas Prof. Kadir (Ngaran Professor anu ngajar), kuring jeung tujuh lainna nyiapkeun diri asup ka ruangan FE12 (lantai opat gedung Fakultas Ekonomi, Art and Science).

Teu nyangka.....

Professor anu sakitu someahna, ngenalkeun dirina kalayan pangalaman pendidikan jeung ngajar di sababaraha nagara batur). Aduh,....caritana matak reueus, kuring ngarasa ”I am nothing”. Professor anu low profile, lir ibarat anu nganut ”elmu pare” . Loba elmuna, tetep nunduk nguruyuk saperti pare anu keur ngeusi ku beas. Syukur nikmat kuring di dinya, naha professor-proffesor di urang kalobaana aradigung garedu hulu,sombong kutitelna. Sedih kuring.....Aya hiji panghareupan dina panglamunan profesor-profesor urang oge bisa leuwih ti kitu, pinter lain keur dirina, aya rasa niat jang ngamajukeun pendidikan di nagara urang. Duh mun kitu, kacida bungahna mereun.....

”Well, I have introduced my self, now it is your turn to introduce yourself” Ceuk Professor bari jeung sorana nu halimpu tapi tegeus. Kuring jeung nusejenna ngenalkeun diri saurang-saurang, ti mimiti nyebutkeun ngaran, pangalaman gawe, jeung alesan asup ka kelas Master Management for Tourism and Hospitality. Rambut dina sirahna geus satengah huis, tapi waragana mintonkeun sumangat anu kacida hebatna. Kamampuan intelektualna katingali tina sorotan matana anu pinuh ku makna, lain ngan saukur omong kosong, tapi dina satiap kecapna ngandung harti anu sakitu jerona. Professor Dato Dr.Abdul Kadir Bin Lebai Din, eta nama anu lengkapna sauniversitas Utara Malaysia ngaran ieu professor kasohor pisan, tangtuna manehna jalma anu dipihormat ku balarea. Hiji pelajaran anu bisa kukuring katarima dina poe kahiji kuliah jeung Prof. Kadir nyaeta “Lain kasombongan anu kudu di pintonkeun, tapi urang kudu mikir kumaha carana elmu nudipiboga bisa manfaat jang nu sejen batur”.

Sajeroning kuliah di dieu, kuring ngarasa ayana kamajuan teknologi anu luar biasa. Sagala fasilitas jeung kabutuhan mahasiswa geus jadi hiji sistem di komputer. Ceuk kecap nu lain mah ”computerized system”. Lamun urang rek minjem buku atawa ngabalikeun buku ka perpustakaan, sagala rupana gues diatur pake mesin jeung komputer. Nya kitu deui lamun urang rek mayar beus waktu indit kuliah, teu kudu riweuh-riweuh nyiapkeun recehan jang ongkos, cukup ku nempelkeun kartu mahasiswa di mesin anu gues disadiakeun, urang geus dianggap mayar. Hade lin? Fasilitas olah raga, tinggal daekna, nu rek renang, tenis, sepeda, senam gym, badminton, atawa sepak bola. Kabeh geus sadia.

Tangtuna, urang ulah ngan saukur nongton kana eta kamajuan di nagara tatangga. Urang ge kudu mikir kumaha carana ngamajukeun nagara khususna di bidang Pendidikan. Sanajan, lobana orang Indonesia nu aya di dieu, matak mangkarunyakeun lamun aya orang Malaysia anu sok ngarendahkeun urang Indonesia. Majarkeun teh, urang Indonesia mah ngan bisa buburuh leutik, mariskin, jeung jadi pembantu. Mun ngadenge eta kecap, kuring nungarasa jadi urang Indonesia, sok perih kana hatena. Ceuk pikir, pembantu oge manusa anu kudu ku urang dihargaan. Kadang urang teh teu nyadar, yen pembantu teh geus bagian anu penting jang nganbantu ekonomi di Indonesia, naha tepi kadieu manehna di injeuk harga dirina. Tangtu maranehna teu bisa walakaya dina masalah diskrimasi buruh, anu aya dina pikirana ngan saukur ngeusi beteung, terus bisa nyesakeun gaji bulanna jang bekeul balik keur anak, kulawarga anu ditinggalkeun.

Dina waktu ieu, kuring oge can bisa mere naon-naon ka nagara. Ngan kuring sadar bisa kuliah didieu teh hiji amanah anu ku kuring kudu dilaksanakeun ku hate anu bersih. Ceuk Pak Dai Banctiar mah (Duta Besar Indonesia jang Karajaan Malaysia) dina pidatono, September 2008, urang di dieu teh kudu tetep ngajaga amanah nagara, jeung martabat Indonesia. Aduh luhur pisan bahasana, ceuk sederhanamah urang teh kudu tetep ngajaga ngaran Indonesia kumintonkeun kahadean tindak-tanduk urang sajeroning aya di Malaysia.

Minangka panutup ieu carita kuring salaku nu nulis, hampura lamun aya basa anu teu salauyu jeung hate nu maca. Kuring maparkeun ieu carita dina bahasa Sunda anu kuring sorangan yakin loba kakuranganana. Aya hiji rasa sono ka basa sunda sajeroning kuring di dieu. Basa Sunda anu sakitu lengkep ku undak-unduk basana, urang sunda anu saromeah, tur kabeungharan hate jalma-jalmana di wewengkon tanah sunda.

No comments: