Sunday, March 1, 2009

SOK PIKIR.....

Januari….
Februari...
Eh ayeuna geus asup ka Maret deui
Di dieu kuring keur ngalalakon
Di bukit Kachi anu endah jauh ti pangkotaan
Ceuk beja ti peta, Bukit Kachi aya di Utara pangujungna Malaysia


Ari nyampak....
Bener pisan
Jauh ti pangkotaan
Ujung pisan nagri Jiran
Deket jeung nagara Thailand bagean selatan

Di dieu geus bulan katilu saeunggeus kuring kungsi balik ka Panjalu
Bet reuy....hate kuring ngarasa waas kanu jadi lembur sorangan
Di dieu China, Arab, Melayu, India ngahiji
Ngahiji dina lalakona masing-masing

Teu nyangka…
Kuring urang Indonesia bisa mernah sakola
Ceuk beja, urang Indonesia di Malaya, ngan bisa saukur jadi babu
Nyeri hate kuring dikitukeun ku nagara batur
Kuring didieu oge hayang dihargaan
Kuring lain ngababu di dieu, tapi keur nyiar elmu, ceuk kuring dina hate

Awas,...
Kuring lain ”Budak Indon”
Tapi kuring “urang Indonesia
Kuring di dieu keur nyiar elmu
Lain keur ngababu

Apal teu?
Babu oge manusa
Anu ku urang kudu dibungahkeun hatena
Mikir saeutik teu?
Devisa nagara urang pan oge lolobana ti babu
Tong ngahina ka maranehna
Sok pikir....

(Ahad, Hiji Maret 2009, di kamar kuring, asrama bukit Kachi/Dewan Penginapan Pelajar Bank Rakyat-Kedah Malaysia)

No comments: