Sunday, March 1, 2009

Sasak Kahirupan


Mimiti na mah
Tina mata turun kana hate
Hate gumbira, ningal mata anu pinuh ku cahaya
Teu nyangka
Kuaya manehna
Kuring ngarasa bagja


Ayeuna, sasak kahirupan geus ngalalakon
Dua insan ngahiji pikeun hirup sauyunan
Na enya kitu?
Mangsana geus datang
Tinggal urang daek tawakal
Allah moal jalir tina jangjina
Sabar diwales ku kanikmatan

Duh Gusti...
Kuring sono kana sorot matana
Leuleuy ucapna
Tenang hatena
Sono kana solehna

Ieu sasak kahirupan teh?
Takdir Allah nu teu bisa dijieun ku elmu manusa
Ieu mereun nu ngaran anugrah teh?
Sanajan jauh, hate tetep pageuh jeung manehna
Ieu sasak kahirupan teh kitu?
Moal urug katinggang taneuh
Moal ledak ku cai hujan
Moal lebur ku waktu
Moal pareum ku angin
Lamun doa jadi panungtuna
Lamun bener ngaimamanana
Lamun ikhlas nu ditungtuna
Lamun sabar nu jadi makmumna

(Sudut Bilik Kachi, 02.12, Maret 1, 2009, Malaysia)

3 comments:

Anonymous said...

tikk... keren pisan puisi nya...
pasti si AA makin kesengsem niihhh...

SUKSES ya sis..

Titing Kartika said...

thank u Wir,....lagi kangen, udah pengen pulang rasanya kembali merasakan pelukannya...he he

Anonymous said...

ini adalah ungkapan rindu untuk sumaiku tercinta yang setia di Ciamis sana. Thank U my lovely hubby