Thursday, February 26, 2009

Kuring Sono Deui ka Tanah Panjalu


Harita,...
Akhir rayagung
Kuring kumpul jeung manehna
Di tanah panjalu anu asri tur suci


Harita...
Kuring miang, aya mancen nukudu direngsekeun
Ka dieu, ka tanah Jiran deui
Kuring janji, isuk pageto pasti balik ka tanah Panjalu
Ieu janji hate kuring keur manehna, jeung tanah anu endah

Harita...
Kuring seja kebengbat ku alam situ lengkong anu waluya
Kuring teu nyangka, tanah Panjalu bakal nyugemakeun rahayatna


Ayeuna
Kuring sono ka manehna, ka tanah Panjalu anu bagja
Teuing kudu kumaha, ngubaran ieu hate
Rayagung geus indit tina kalenderna
Bulan nu sejen gagantina
Sono jeung deudeuh ka manehna
Kuring simpen dina hate leutik nu teu bisa diusik
Boh ku angin, ku hujan, ku panasna panon poe
Ngan bisa dianterkeun ku doa anu tulus tina hate

Ayeuna
Hate kuring keur sono
Sono ka tanahna
Sono kanu mibandana
Sono kanu ngahunina
Sono kanu ngajagana

(Sintok-Kedah Malaysia 27 Feb, 2009)

5 comments:

yoppy_y said...

My lovely wife, my dearest Ade Tika

indah tutur katamu....

ikhlas..., sarining suci tina ati

nyaah ka lemah cai

nyaah kanu jd kanyaah ati

nyaah ka gunung

nyaah ka ibu nu ngandung


(Aa di Panjalu)

You are the greatest my wife
n Mom 4 us children

D hebat...keren puisi Sundanya

Titing Kartika said...

Thanks my Lovely Aa, D lagi kangen hoyong uih, rindu ke Aa juga ke tanah panjalu. But, I will be back soon

Anonymous said...

cie bi odoy ! itu kan fto yang resty ambil dlu ! eeemmm... kea'a bi ade kangen bdg ama om yopi ya hehehehe

Titing Kartika said...

Oh iya, thank to Resty Nani Yustini yang sudah mengambil gambar melalui camera pentax saat lebaran 2007. Inilah hasil karyanya...

Sarip Hidayat said...

Ass, teh Titing, hapunten nembe diwaler dan nembe muka deui blog ieu. Perkawis data tea sim kuring mung tiasa masihan sumber data wungkul. Pami bukuna mah duka di mana da di Balai mah asana teh teu gaduh. Biasana memang aya di perpustakaan sribaduga sareng nu sanesna.
samentawis sim kuring mung tiasa masihan lolongkrang, teh Titing tiasa ngahubungi Dipa di webna. Alamatna di http;//www.galuh-purba.com. Dipa mah sapertosna gadung informasi lu leuwih lengkep.

Pami sumber data mah (Judul buku atanapi penelitian) ke ku sim kuring dikirim ka email. Di pilarian heula nya.